Dihiji lembur aya dua jalma awewe lalaki nu karek ngawangun rumah
tangga. Sapopoe, saminggu tug nepi ka sabulan mah maranehna teh katempo
kacida layeutna. Tapi lila ti lila jadi mindeng kadenge dog dag pasea.
Pangpangna salakina anu boga sifat goring teh, barangasan! Salah saeutik
ge pamajikanana teu weleh di haok, malah mindeng dibarengan ku
gaplokna. Mun geus kitu, rajol tatanggana pikeun misah.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar