Senin, 12 Maret 2012

Lutung Kasarung

Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti prameswari Niti Suwarti, kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji arana Purbararang, nu kadua Purbaendah, nu katilu Purbadewata, nu kaopat Purbakancana, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih, nu katujuh Purbasari.
Kumargi ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun ngabagawan (tapa/semedi), rek tatapa di leuweung. Nu dicadangkeun ngagentos ramana teh putra nu bungsu, sanes nu cikal. Atuh Purbararang amarah kacida. Purbasari diusir ka Gunung Cupu.

Kacaturkeun di kahiyangan, Guru Minda, putra Dewata nu cikal ngimpen gaduh istri anu sarupa jeung Sunan Ambu, ''Jung geura boro pibojoeun hidep. Tapi, anggo heula ieu raksukan lutung!''. Janggélék Guru Minda ganti rupa, jadi lutung.

Kocap deui di nagara Pasir Batang, Prabu Ageung ngersakeun hoyong tuang daging lutung, teras manggil Paman Léngsér sangkan nitahan Aki Panyumpit ngala lutung.
Aki Panyumpit teh geus putus asa sabab sapopoe teu manggih lutung. Barang rek mulang, katempo aya lutung gugulayutan. Barang rek disumpit lutung teh ngomong, ''Eh, Aki ulah nyumpit kuring!, kuring rek ngaku bapa pulung ka Aki, kuring hayang nyaho karaton!''.
''Sukur atuh'', walon Aki Panyumpit bari bengong, ''Na, aya lutung bisa ngomong?!'', sihoreng lutung eta teh Lutung Kasarung, Dewata nu mindah rupa turun ka dunya.
Terus si lutung di bawa ka karaton keur dipeuncit ku Prabu Ageung. Tapi, barang rek dipeuncit, taya pakarang nu teurak. Tungtungna saur Ratu, ''Lengser pasrahkeun bae ka anak kami, titah diingu, sugan butuh keur pibujangan''.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Free Kakashi Cursors at www.totallyfreecursors.com