Kaulinan Urang Lembur Atawa Kakawihan Barudak (Kenging Ganjar Kurnia)
Ngahaja dijudulan maké « atawa », sabab asa acan aya kasapogodosan
ngeunaan istilah. Lamun disebut kaulinan, kapan loba ogé kaulinan anu
séjén saperti panggal, sérmen, galah, ucing sumput,
jsb, ; pon kitu deui lamun dijudulan kakawihan wungkul, loba ogé
kakawihan anu séjénna. Tapi palebah kakawihan anu ieu mah rada khas,
sabab lamun ditilik-diantarana aya hubungan antara kaulinan
jeung kakawihan. Kukituna, judul ana rada pas mah sigana kaulinan budak
lembur anu dikawihan (sok sanajan kanyataanana teu kabéh kakawihan aya
kauliananana). Tapi pikeun arguméntasi mah, kakawihan ogé bisa dianggap
kaulinan. Istilah kaulinan urang lembur
ogé sigana mah anyar (pertengahan taun genep puluhan), sabada ieu
« kaulinan » dibawa ka panggung (dijadikeun tongtonan) utamana ku
Departemen Kesenian Unpad (aya ogé anu nyebutkeun digali ku Studiklub Teater Bandung/STB) ogé ku Damas.
Naon anu ditulis dihandap ieu, sagemblengna hasil tina ingetan, hasil
nengetan para senior di Depkes Unpad manggung (teu kingsi prak
sorangan) dina pertengahan taun tujuh puluhan.
Biasana lamun aya acara di Unpad atawa di Fakultas Pertanian, sok
sanajan geus pada lalulus, arinyana sok kaul. Nya dina kasempetan éta
sok pareng merhatikeun (bari jeung teu kungsi dicatet). Ku kituna lamun
loba kekecapan anu salah ; katambah lamun ditilik-ditilik dina éta
kakawihan téh loba ogé kekecapan anu teu jelas pihartieunana, neda
dihapunten. Atuh ka anu uninga, aya kasempetan pikeun ngoréksi atawa
ngoméan. Saenyana lamun aya anu leukeun mah, tiasa dicék deui ka
aranjeuna anu kantos manggungkeun ieu kaulinan urang lembur, diantawisna
ka kang Ekik Barkah, kang Oman, kang Epih, kang Ia, kang Abdurachman,
kang Zahir Zahri. Sadaya kakawihan téh teu aya judulan, minangka anu
disebut judul téh nyaéta baris kahiji tina lagu.
Interpretasi
Neuleuman eusi rumpaka, aya sababaraha hala nu narik pikeun bisa diinterpretasi :
1. Kakawihan mangrupa alat anu digunakeun ku masyarakat, sangkan naon
anu aya dina gerentes haténa teu kaharti ku batur anu aya di luar
komunitasna (bahasa sandi). Contona, lagu ambil-ambilan bisa jadi aya
patula-patalina jeung kondisi urang sunda harita anu rék dijadikeun kuli
(meureun dijjieunna dina jaman penjajahan) ; nu matak basa aya anu rék
diambil, dijieun manrupa-rpa alesan.
Jaleuleu ja. Lagu ieu téh cenah dijieun dina mangsa tatar Sunda
diserang ku Mataram. Lagu « jaleuleu ja » aya anu nyurahan siga kieu :
Jaleuleu ja ( aya Jawa)
Atulak tu ja éman - gog (Nitah ka jang Eman lamun aya Jawa kudu nyadiakeun tulak (keur panakol) sarta nagog – pasang kuda-kuda, hartina kudu siap-siap)
Seureuh leuweung - bay (seureuh leuweung téh biasa ogé disebut
gebay, bentukna siga taméng – kukituna lamun aya Jawa, salian ti kudu
siap téh – nagog – téa, ogé nyiapkeun taméng)
Jambé kolot - bug (jambé kolot téh di Sunda mah disebut jebug – jadi lamun musuh datang – kudu digebug)
Ucing katinggang songsong - Ngék (ngagebugna nepi ka siga ucing katinggang songsong – ngék ……………….)
Ayang-ayang gung. Lagu ieu nyaritakeun masyarakat di hiji wilayah anu
sahéng (Ayang-ayang gung Gung goongna ramé) nyaritakeun kalakuan
pamingpinna nyaéta ménak Wastanu nu jadi wadana. Pangna diaromongkeun
téh kusabab kalakuanana olo-olo (naha manéh kitu – tukang olo-olo),
giruk -- ruket (ngabalad jeung kumpeni). Tujuanana mah taya lian sangkan
bisa naék pangkat – sanajan bari jeung (kalakuan kitu téh) goréng.
Ninggali wadana anu kitu petana, saenyana rahayat ngaharepkeun dalem –
tapi dalem ogé sarua misleukna (lNgantos kang jeung dalem, Lempa lempi
lempong, Ngadu pipi jeung nu ompong) Ngeunaan jalan ka batawi ngemplong
bisa dihartikeun yén pamingpin jaman baheula ogé leuwih oriéntasi ka
luhur alias ka batawi.
Ningningnang – ningnang dot em dot blem. Ieu gé nyaritakeun
kalakuan dalem anu misleuk, ari dongkap ka hiji wilayah sok dipapag ku
bajidoran, tidinya teras tutunjuk « kembang malati ». Kalakuan saperti
kitu ku masyarakat disarebutna « adu gandék raja belang «
Néng nang néng prak. Lagu ieu mah ngagambarkeun kuwu pedit
kariaan (sigana juragan kuwu téh janggotan kawas embé). Susuguhna ogé
kapan lauk bilatung, kéjona – kéjo gandrung.
Truk-truk brung. Lamun kalakuan kuwu, wadana, dalem saperti
anu disebutkeun di luhur, tong anéh lamun rahayatna malarat. Bayangkeun
waé, sarubak-rubakna/sapanjang-panjangna buntut lutung, tuluy
dikenyang-kenyang barudak, mangkaning salawé widak. Ceuk bahasa ayeuna
mah kaayaan kitu téh ngagambarkeun silih bagi kamiskinan (shared
poverty).
Ehon bérod. Lagu ieu siganana nyaritakeun mata-mata anu nyamur jadi tukang oncom.
Disebut mata-mata téh sabab sok « comél ka nu gélo » (bisa jadi
pamaréntahan walanda atawa jepang, kukituna lamun aya tukang oncom
ngaliwat, rahayat kudu ati-ati ngomong (trung-trung-trung kohkol alarm).
Pacublek cublek uang, ngajakan rahayat pikeun motong « kerbau
péndék » (Jepang) jeung motong « kerbau tinggi »(walanda) ; sedengkeun
anu tinggina jemblang-jemblung mah taya lian tentara Gurkha.
2. Ngagambarkeun kaayaan. Lamun analisa di luhur bener, kakawihan téh
bisa jadi dijieunna patula-patali jeung hiji kajadian (aya faktor
waktu). Contona, jaleuleu dikira-kira jaman Dipati Ukur, Ehon berod
dijieun dina jaman penjajahan, nya kitu ogé ayang-ayang gung. Tina
lalaguan ogé, urang bisa ninggali kalakuan bangsa Cina dina jaman
penjajahan. Kapan waktu si Roji meuli paku, ku babah teu dibéré, malahan
pokna téh mata sia. Palebah dieu urang ogé bisa ngakurkeun jeung
sajarah, utamana posisi Cina dina Jepang anu sigana mah meunang posisi
khusus (dai nippon nu kawasa).
3. Ngaramalkeun ka hareup. Waktu Sukarno tibeubeut tina
kalunguhanana, anu kababawa téh lain ngan ukur manéhna, tapi ogé
anték-antékna. Ninggali kaayaan kieu aya nu nyarita, cenah « oray
bungka » – baca Bung Karno téh jadi kanyataan, kabeh anu nutur-nutur
(dipandeuri) Bung Karno kalaut.
4. Ulin kecap. Dina lagu éhon bérod, bangbang kalima – lima gobang,
santri maan dodol katinggali padalisan anu tungtung dijadikeun padalisan
anyar.
5. Kaulinan dina hiji kaayaan, contona dina ojok-ojok uang – aung, ojok ata iti.
6. Heureuy biasa, saperti dina pérépét jengkol , cingcangkeling,
disurung ungkug-ungkugan (bulu irung digelungan, bulu kéléh dilélépét)
Panutup Catur
Analisa di luhur éstuning dipapantes. Dina sababaraha hal ngan saukur
interpretasi, leres jeung henteu na mah kedah digali ku ahlina (sanés
pagawéan insinyur pertanian sapertos pribados). Tapi kalah kumaha ogé
ieu téh kabeungharan urang sunda.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar